Sumeredetna hate motahna rasa
Ngagalura na jero dada
Kolebat sajorelat kasawang
Kumaha kahareupna ieu kahirupan
Jaman geus modern
Hate baceo naon nu bakal karandapan
Karasa berat suku ngalengkah
Asa luhur gunung kahirupan
Iraha atuh pianjogeunana lamun ayeuna masih dimunggang
Gunung kahirupan
Jerit batin ngoceak tarik
Nyawang kahirupan nu bakal kalakon
Gusti….. naha ieu nu disebut globalisasi the?
Jalma jalma rea nu teu uni
Teu kuat nyanghareupan sagara kahirupan nu motah
Nakhoda teu puguh nangtukeun tujuan
Kamana kapal balayar
Naha enya jalma kiwari teu boga tujuan hirup?
Wallahu’alam bissawab…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar